Assalamualaikum Wr. Wb
Langkung tipayun sim kuring asmana
Bapak, Ibu
guru sekolah
seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan,
bingah ka giri-giri,
bingah
amarwata suta,
bingah
anu
taya hinggana, sanggem paripaos tea
mah
sim kuring teh asa mobok
manggih
gorowong, asa ditonjok ku
congcot, rehna dina
danget ieu tiasa
patepung lawung, paamprok jonghok,
patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina raraga paturay
tineung marurangkalih kelas VI ieu.
bade rengse, kalayan mung sakitu kamampuan sareng katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan
aya
mangfaatna, khususna
kanggo
marurangkalih sadayana, umumna mah
kanggo
keluargana, masyarakatna,
agamana, nagarana,
nusa
sareng bangsana.
menggah pamaksadan sim
kuring teu
aya sanes
kajabina nyaeta seja
nyukcruk galur
di luluhur, mapay lacak anu baheula, tatali paranti
warisan ti nini aki.
Nu mawi tebih diungsi, anggang di
teang,
sanes lantung tambuh laku,
sanes ketang tanpa beja, sim kuring seja malikan carita anu tiheula
nu kungsi dipake carita nyaeta rehna
para
Ibu
Bapak nitipkeun, nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana
ka ieu sakola, nyatana
ka Bapak Ibu guru supados
pala putra putri Bapak
sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing,
dipaparinan
pelajaran anu dugi
ka
danget ieu 6 taun parantos kalangkung,
Para Ibu Bapak
sadaya,
Kanggo salajengna ieu mah khusus kanggo marurangkalih anu bade
paturay tineung, tanbi lengoh kalempohan, tamba
mulang
ngalongkewang, sasieureun,
sabeunyeureun, sarebuk samerang nyamu,
belah pecah lalab rumbah, mugia janten barokah, ieu mah etang- etang tawis
kanyaah, kadeudeuh sinareng katineung ka marurangkalih
sadayana.
Ujang, Nyai hidep anu kungsi diiring
ku
kawih asih, balabuhna dasar katineung, gupay
kelar enteupna geugeut
kameumeut, anu disungging
dina permadani, asih nu diipuk na
jajantung, mangkak dina
taman katresna, kiwari hidep parantos bade
paturay,
hidep
bakal
pisah, bakal pajah.
Kumargi kiti Bapak titip, Ujang Nyai mun seug hidep parantos mulang deui
sareng lingkungan kulawarga,
masyarakat, nagara, nusa
sareng bangsa, poma
Ujang Nyai hidep sing
bisa
ngajagi diri, ngaraksa
salira, sing lantip budi, hade tata, hade basa sing nyaah,
deudeuh ka sasama,
ka kadang warga, ka masyarakat ka
Nusa, Bangsa sareng Nagara.
Rupina kiwari parantos niti wanci nu
mustari ninggang mangsa
anu utama, parantos anjog kana waktos
anu
diantos-antos,
dinten ieu SALASA
kaping 26 Juli 2018 hidep
bakal pisah hidep bakal pajauh,
pileuleuyan-
pileuleuyan, sapu nyere
pegat simpay, pileuleuyan
pileuleuyan paturay
patepang
deui. pileuleuyan pileuleuyan anaking bral…
bral geura
miang.
Para Ibu para Bapak
sadayana sim
kuring
asmana Bapak Ibu
Guru kalayan resmi mancen gawe
ngemban tugas ti nagara
sejak
nyanggakeun
pala putra putri Ibu Bapak sadayana sakali deui sumangga
nyanggakeun.
Kumargi kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda jembar
hampurana, anu janten margi dina
tata titina, dina tindak tandukna, oge
dina tata titina, bema tatakrama, oge dina
basa
basina mung sakadar
dirarampa, sugan
kiti, meureun kieu, tangtos
pisan upami teu ninggang
kana wirahmana mah,
seueur silung sareng sumbangna, kalayan teu
puguh entep seureuhna.
Rupina sakitu nu kapihatur hapunten
sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana, beber layar poe
anyar, lulus
banglus ginuluran, tebih tina
marganing balai, anggang
tina
sagala gogoda
disarengan luhur
kuta
gede dunya,
jatnika sapapaosna,
bagja
dunya
rawuh akheratna.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.