Rabu, 24 Juli 2019

PIDATO SAMBUTAN BAPAK KEPALA SDN 3 MARGAWATI

SAMBUTAN BAPAK KEPALA SDN 3 MARGAWATI

NIA,S.Pd.SD
PATURAY TINEUNG KELAS 6
SDN 3MARGAWATI TAUN AJARAN 2017-2018

Assalamualaikum Wr. Wb

Langkung tipayun sim kuring asmana Bapak, Ibu guru sekolah seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah  amarwata  suta,  bingah  anu taya hinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina raraga paturay tineung marurangkalih kelas VI ieu.
bade rengse, kalayan mung sakitu kamampuan sareng katiasana,  mung sakitu buktosna anu    mudah-mudahan aya mangfaatna, khususna kanggo marurangkalih  sadayana,  umumna mah kanggo keluargana, masyarakatna, agamana, nagarana, nusa sareng bangsana.

menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes kajabina nyaeta seja nyukcruk   galur   di   luluhur,   mapay lacak anu baheula, tatali paranti warisan ti nini aki.
Nu mawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes lantung tambuh laku, sanes ketang tanpa beja, sim kuring seja malikan carita anu tiheula nu kungsi   dipake  carita   nyaeta   rehna para Ibu Bapak nitipkeun, nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana ka ieu sakola, nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala putra putri Bapak sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran anu dugi ka danget ieu 6 taun parantos kalangkung,   
Para Ibu Bapak sadaya,
Kanggo salajengna ieu mah khusus kanggo marurangkalih anu bade paturay tineung, tanbi lengoh kalempohan, tamba mulang ngalongkewang, sasieureun, sabeunyeureun, sarebuk samerang nyamu, belah pecah lalab rumbah, mugia janten barokah, ieu mah etang- etang tawis kanyaah, kadeudeuh sinareng katineung ka marurangkalih sadayana.

Ujang, Nyai hidep anu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna dasar katineung, gupay kelar enteupna geugeut kameumeut, anu disungging dina permadani, asih nu diipuk na jajantung, mangkak dina taman katresna, kiwari hidep parantos bade paturay, hidep bakal pisah, bakal pajah.

Kumargi kiti Bapak titip, Ujang Nyai mun   seug   hidep   parantos   mulang deui sareng lingkungan kulawarga, masyarakat, nagara, nusa sareng bangsa, poma Ujang Nyai hidep sing bisa ngajagi diri, ngaraksa salira, sing lantip budi, hade tata, hade basa sing nyaah,  deudeuh  ka  sasama,  ka kadang   warga,   ka   masyarakat   ka Nusa, Bangsa sareng Nagara.

Rupina kiwari parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos, dinten ieu SALASA  kaping 26 Juli 2018 hidep bakal pisah hidep bakal pajauh, pileuleuyan- pileuleuyan, sapu nyere pegat simpay, pileuleuyan pileuleuyan paturay patepang  deui. pileuleuyan pileuleuyan anaking bral… bral geura miang.

Para Ibu para Bapak sadayana sim kuring  asmana  Bapak  Ibu  Guru kalayan resmi mancen gawe ngemban tugas ti nagara sejak nyanggakeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana sakali deui sumangga nyanggakeun.

Kumargi kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda jembar hampurana,  anu  janten  margi  dina tata titina, dina tindak tandukna, oge dina tata titina, bema tatakrama, oge dina basa basina mung sakadar dirarampa, sugan kiti, meureun kieu, tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmana  mah,  seueur  silung sareng  sumbangna, kalayan  teu puguh entep seureuhna.

Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana, beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
 

Jangan Lupa Kunjungi Juga,:
Mangga Di Klik ,...


















Tidak ada komentar:

Posting Komentar

KEGIATAN AWAL SEMESTER 2 TAHUN PELAJARAN 2025-2026 SDN 3 MARGAWATI

 Assalamualaikum ,.wr wb            Hari senin tanggal 12 Januari 2026 merupakan awal masuk sekolah setelah libur selama hampir Dua Minggu, ...